coba jelaskeun naon bedana iklan layanan masarakat jeung iklan komersial
B. Daerah
salmarizkya02
Pertanyaan
coba jelaskeun naon bedana iklan layanan masarakat jeung iklan komersial
1 Jawaban
-
1. Jawaban ilukman
Umpama ditilik tina eusi kalimahna, iklan teh nyaeta tulisan anu kalimahna mangrupa kalimah pangajak. Dina basa Sunda oge aya hiji istilah anu hartina mirip jeung iklan, nyaeta wawaran. Tapi umpama iklan dibandingkeun jeung wawaran, iklan beda jeng wawaran. Iklan eusina ngandung kalimah pangajak. Sedengkeun wawaran eusina ngandung kalimah panitah, kalimah pangajak atawa kalimah panyaram. Iklan ditempatkeunana bisa di mana wae, henteu perlu di tempat anu aya hubunganana jeung eusi iklan. Sedengkeun wawaran mah ditempatkeunana kudu di tempat anu aya hubunganana jeung eusi eta wawaran.
Iklan layanan masarakat jeung iklan komersial, umpama ditilik tina eusi kalimahna, dua-duana sarua ngandung kalimah pangajak. Tapi, iklan layanan masarakat mah ngandung kalimah pangajak ti pamarentah atawa organisasi sejenna ka masarakat pikeun ngajak ngalakukeun atawa henteu ngalakukeun hiji pagawean anu aya hubunganana jeung program anu dikaluarkeun ku pamarentah atawa anu aya hubunganana jeung kamaslahatan masarakat. Sedengkeun iklan komersial ngandung kalimah pangajak ti hiji perusahaan komersial ka masarakat pikeun ngajak ngapimilik, meuli atawa ngagunakeun produk atawa jasa anu ditawarkeun dina eta iklan pikeun kauntungan perusahaan komersial.
Iklan layanan masarakat atawa iklan komersial biasa ditempatkeun di tempat umum di mana wae, anu penting di tempatkeun di tempat anu strategis, atawa di tempat anu negrak, nyaeta di tempat anu gampil katempo ku masarakat ti sababaraha arah. Media anu sok biasa digunakeun pikeun nempatkeun iklan layanan masarakat jeung iklan komersial teh nyaeta saperti poster, spanduk atawa baliho. Salian ti biasa ditempatkeun di tempat umum, iklan layanan masarakat jeung iklan komersial oge biasa ditempatkeun dina majalah, koran, TV, radio, atawa Internet.
Anu ngabedakeun iklan layanan masarakat jeung iklan komersial lianna, nyaeta dina cara nempatkeun eta iklan. Kusabab nu masang iklan komersial mah sok sering miboga dana anu leuwih gede ti batan nu masang iklan layanan masarakat, iklan komersial dina cara nempatkeunana sering leuwih gede-gedean ti batan iklan layanan masarakat. Saperti umpamana, ari iklan komersial mah ditempatkeunana teh di baliho anu gede jeung mahal, tapi iklan layanan masarakat mah ngan saukur dina poster atawa spanduk. Kitu deui umpama ditempatkan di media lianna, saperti dina koran, majalah, radio, TV atawa di Internet.