jieun kalimah wawaran tina kecap miharep,kagiatan
B. Daerah
faiza941
Pertanyaan
jieun kalimah wawaran tina kecap miharep,kagiatan
1 Jawaban
-
1. Jawaban ilukman
Kategori Soal : Bahasa Sunda
Kelas : VII (2 SMP)
Pembahasan :
Kalimah wawaran teh mangrupa kalimah anu eusina mere beja atawa mere nyaho. Eusi kalimah wawaran mah henteu ngabutuhkeun jawaban atawa ngabutuhkeun tindakan ti anu narima wawaran atawa ti anu diajak nyarita. Aya dua rupa kalimah wawaran, nyaeta kalimah wawaran basajan jeung kalimah wawaran jembar.
Kalimah wawaran basajan mangrupa kalimah wawaran anu diwangun ku subjek atawa jejer jeung predikat atawa caritaan, sarta bisa ditambah ku objek (udagan) atawa henteu. Sedengkeun anu disebut kalimah wawaran jembar nyaeta kalimah wawaran basajan anu dijembaran atawa ditambah ku katerangan.
Di handap ieu nyaeta dua conto kalimah wawaran anu ngagunakeun kecap miharep jeung kecap kagiatan :
1. Budi ngadak-ngadak seuri waktu dibere hadiah ulang taun, sabab manehna miharep pisan aya anu mere hadiah
2. Dina acara mieling kamerdekaan taun ieu aya opat kagiatan anu merlukeun waragad gede