B. Daerah

Pertanyaan

pupuh durma(ngaran anak sasatoan)
pupuh durma(ngaran anak sasatoan)

1 Jawaban

  • Kategori Soal : Bahasa Sunda - Guguritan
    Kelas : VIII (2 SMP)
    Pembahasan :

    Pupuh mangrupa patokan atawa aturan anu biasa digunakeun dina sawatara puisi Sunda. Puisi Sunda anu biasa ngagunakeun patokan atawa aturan pupuh nyaeta saperti guguritan jeung wawacan. Aya 17 rupa pupuh anu dibagi jadi dua kelompok, nyaeta anu disebut Sekar Ageung jeung Sekar Alit. Dina Sekar Ageung aya opat rupa pupuh, sedengkeun dina Sekar Alit aya 13 rupa pupuh. Pupuh Durma mangrupa salahsahiji pupuh anu aya dina Sekar Alit.

    Pupuh dibawakeun ku dihaleuangkeun ngagunakeun sawatara rupa tembang. Kusabab kitu, pupuh osok disebut oge tembang. Pupuh anu aya dina Sekar Ageung biasa ngagunakeun leuwih ti sarupa tembang. Sedengkeun pupuh anu aya dina Sekar Alit biasa ngagunakeun ngan sarupa tembang. Puisi guguritan biasa ngagunakeun pupuh nu aya dina Sekar Alit atawa Sekar Ageung. Sedengkeun puisi wawacan biasa ngagunakeun pupuh nu aya dina Sekar Ageung wungkul.

    Aturn anu aya dina pupuh sok disebut guru wilangan jeung guru lagu. Guru wilangan nyaet jumlah engang anu aya dina unggal padalisan. Sedengkeun guru lagu nyaeta sora engang tungtung anu aya dina unggal padalisan. Guru wilangan jeung guru lagu pupuh Durma nyaeta 12-a, 7-i, 6-a, 7-a, 8-i, 5-a, 7-i. Di handap ieu nyaeta conto pupuh Durma anu temana ngaran sasatoan :

    1. anak kancra sesebutannana badal 12-a,
    2. piyik anak japati 7-i,
    3. ari anak kuda 6-a,
    4. eta belo ngaranna 7-a,
    5. bilatung mah anak ucing 8-i,
    6. anak buhaya 5-a,
    7. bocokok ceunah geuning 7-i